Selamat Datang

(Wilujeung Sumping)

Riungan Mahasiswa Sukabumi (RIMASI) adalah sebuah wadah bagi para mahasiswa sukabumi yang sedang kuliah di daerah jakarta, untuk mempererat tali silaturahmi dan saling berbagi dalam berbagi hal tentang masalah-masalah yang ada di sukabumi maupun yang bersangkutan tentang mahasiswa yang sedang belajar di berbagai universitas yang ada di daerah jakarta



Selasa, 12 Juli 2011

Murag di Jalan

Assalamualaikum...

Salam Riungan..

Bismillah jst.....
Simkuring rek ngajaran tutulisan akh dina Blog RIMASI Jakarta.. saupamina teu mereunah dina manah, nyuhunkeun pangapunten na da ngarana oge masih diajar...
Breng Akh....
Kamari Simkuring mulang ti Jakarta dinten minggu kaping 10 Juni 2011 (ikh meni lengkap jeung tanggal na nya). sapertos biasa simkuring dina luhur kuda merk Honda (tegesna mah dina Vario) bari rada panas oge da nuju tengah poe pisan. simkuring biasa nyandak/ngangge jalur Ciputat-Parung-Bogor-Ciawi-Cibadak-Cikembar-Bojong Lopang-Waluran-Samelang(tah eta Samelang teh ngaran kota Simkuring) itung-itungan 6 jam lah.
Sapertos Biasa dijalan na mah ngebul, komo deui jalur ti Ciawi-Cibadak pokonamah dijamin ngebul pisan, da jalur etamah seeur mobil anu baradag pisan, ti mobil anu ngangkut jeulema, cai, minyak, bahan-bahan pabrik nepi ka mobil anu ngangkut mobil deui. tah eta teh di sajalurkeun kadinya kabayang pan mobil nu make solar.. nya pasti ngebul pisan, campur lebu deuih kekebul na teh.(keurmah beunget tos hideung ditambahan ku kekebul, nya beuki medok atuh.ckk). sikuring make helm anu Fullface (bahasa ingris jadi bacana tong pulpace tapi pulpes.ckk) tapi anger we da haseup na mah asup kajero, di lap ku tisu teh medok we raray teh.
simkuring teu langsung ka Lembur ayeuna mah tapi nyimpang heula ka imah teteh kuring di daerah Parungkuda, ngahaja nyimpang heula kusabab ibunda reusep kana pais lauk jadi simkuring rek nguseup heula dina balong mitohana teteh kuring (bejana loba lauk na).
bener-bener loba pisan laukna, nguseup ampir meunang sa ember, tapi simkuring haneueul kusabab pegat wae kuin na. laukna teh gede-gede jadi ngajahat kana useup. di-itung-itung usep nepi ka 5 pegat. akh beres we da teu aya deui useupna. laukna di pisahkeun 4 siki keur bawaeun.
kusabab geus sore simkuring kulem heula di dinya.
isuk-isuk poe senen,
sora manuk sing caricit, sora hayam sing kokotak kuring mandi najan hawa tiris pisan. siap-siap keur ngalanjutkeun perjalanan mulang ka lembur sorangan. saparantosna pamitan ka tuan rumah simkuring berangkat deui tumpak kuda nu aya stangan. teu hilap ngajingjing keresek wadah lauk nu menang ngala kamarina. keresek ku simkuring di gantungkeun di handapeun stang kuda.
sapanjang jalan simkuring luak-lieuk ninggali panorama alam anu sakitu endahna. tos liwat ti daerah bojong lopang jalan alus, ngenaheun pisan rarasaan jadi Rossi, dengdek pisan dina tikungan oge, tapi ayeuna mah loba nu gagawe ngabenerkeun jalan, duka tos sabara taun eta jalan teu di omean. ayeuna nembe diomean deui, atuh ngebul dai di jalan teh... rada gagajrugan jalanna can lespar cara nu tadi, akh terus we sabari lalaunan oge da gagajrugan.
tah didieu musibah datang...
simkuring tos ngaliwatan kiara dua sateuacan ka ciletuh, simkuring ngareret kana kakait gantungan handapeun stang.. reuwas kagiri-giri kuring ninggali gantunganna kosong molompong teu aya keresekan, simkuring eureun heula kasisi. luak-lieuk bisi buragna teu jauh ti dinya. kusabab teu aya katinggali aya keresek, simkuring muterkeun kuda, balik dai bari luak-lieuk bari neangan kersek warna bodas..
luak-lieuk kaitu kadieu terus sapanjang jalan balik deui kanu tadi ngadeukeutan nu gagawe ngabenerkeun jalan.. geus liwat jauh ti nu gagawe ngabenerkeun jalan eta bungkusan teh can kapangging keneh.. akh pasrahkeun we kanu maha kawasa mudah-mudahan aya nu manggihan jeung deuih di asakan tuluy didahar. supaya teu mubazir, nya'ah..
simkuring nyieun hiji kaputusan, balik deui we neruskeun perjalana mulang ka lembur...

alhamdulillah simkuring dugi oge ka lembur nu ku sim kuring dipikageugeut.


tinggal Laporan pertanggung Jawaban Kehilangan Lauk dina keresek ka Ibunda, kusabab murag dijalan. beres lah urang istirahat.
hatur nuhn....
wassalamu jst....

1 komentar:

  1. Aduh bahasa na unk... Hebat... pajampangan pisan... ,loba nu teu kaharti,,, Aya Lespar, Gagajrugan... he...


    Hebat lah... Sok budayakeun Bahasa Sunda...

    BalasHapus