Ku:
Yosep lesmana
dina buletin rimasi edisi II
Aya waruga anu ngeusian
manah,
Pami siang sok rajeun
janten lamunan,
Pami wengi pasti janten
kembangna ngimpi,
Duka saha?...
Sareng duka kumaha
lebetna raraosan anu ngagalura dina dada?
Pami emut gelenyu imutna,
Komo pami emut kana
rindat socana
Matak kayungyun jalmi anu
ngajak cumarita,
Saha atuh salira teh?
Ieu manah tos teu tiasa
mangpalerkeunna,
Peurueum kadeuleu beunta
karasa,
Nagkuban asa handapan
nangkarak asa luhureun,
Da kumaha atuh
Bobot pangayon timbang
taraju abot enteng aya di anjeunna,
Diri pribadi moal tiasa
maksakeun sagala kahayang.
Ya alllah ieu perasaan
teh tiasa laksana ka untun tipung ka anyam beas moal?
Da kasaha deui abdi
muntang tulung iwal ti ka gusti.
Jantenkeun sagala
cita-cita ka anjeunna
Tos teu kawasa nahan
raraosan
Anu ngagulung dina kalbu,
Anu sumarambah dina
bayah,
Anu sing seleket dina
hate,
Sing sarenud dina kalbu.
Tos sering ieu raraosan
teh dipangpalerkeun,
Malahan teu elat di
bebenjokeun,
Tapi duka kumaha tos moal
deui di leungitkeun dina emutan
Duka dugika iraha ieu
diri tiasa nahan kana sagala rasa?
Tah ayeuna mah anu nulis
nyuhunkeun pidu’ana kasadayana anu maca,
Muga-muga anu aya dina
kereteg manah anu nulis
Sing enggal di bukakeun
panto hate na.
Amin.....
Ieu lalampahan urang
tutup
Ku Kembang Sinetik
Sinebaran Sari Tutup Lawang Sigotaka
Ciputat, Desember 2006
Tidak ada komentar:
Posting Komentar