Selamat Datang

(Wilujeung Sumping)

Riungan Mahasiswa Sukabumi (RIMASI) adalah sebuah wadah bagi para mahasiswa sukabumi yang sedang kuliah di daerah jakarta, untuk mempererat tali silaturahmi dan saling berbagi dalam berbagi hal tentang masalah-masalah yang ada di sukabumi maupun yang bersangkutan tentang mahasiswa yang sedang belajar di berbagai universitas yang ada di daerah jakarta



Rabu, 20 Juli 2011

Panenjoan Sukabumi

 
 Panenjoan Sukabumi



Dulur.. bisi aya nu can apal… dekeut imah simkuring aya hiji patempatan pikeun ulin atawa sebutan keren nanamah tempat wisata.. anu memang can kakoncara pisan.. tapi di wilaha VI pajampangan mah pasti arapaleun (teu sadayana sich) ngaran patempatanna “Panenjoan”..

tah photona



Kunaun masang di sebut panenjoan?
Mun tina bahasa sunda tenjo artina ningali, bahasa rada loma keur ka sasama, jadi panenjoan = paningalian,
naon anu di tingaalina?
Di panenjoan urang bias ninggali ka handap.. kusabab eta tempatna tamping (bahasa indo= Tebing) jadi panenjoan aya di luhur ningali ka handap. Aya naon di handapna? Nya eta daerah perkampungan. Didinya cenah aya 3 desa, nyaeta ciwaru, mandrajaya, jeung mekarsakti. Daerahna lamun di tinggali ti daerah panenjoan ngeplak sawah jeung imah-imah the meni laleutik pisan. Komo lamun sawahna keur hejo.. endah pisan.
Paningalian urang ti panenjoan teh nepi ka sisi lautna atawa basisirna, nyaeta nepi ka palangpang, lamun ceuk bahasa indo namah pantai palangpang.
Panenjoan mah gratis teu aya tiket masuk na.. tenang we. Da tempat na oge sisi jalan pisan.. jeung deuih ayeunamah merenah, kusabab geus aya pageran.. da baheulamah keur acan aya pager meni palaur pisan titingalian ka handap teh. Ninggali ka lembah meni endah pisan.. hejo pasawahan di kurilingan ku tamping anu luhur pisan lempeng bias ningali pantaina (basisir palangpang). Moal rugi mun urang kadinya.. hate teh karasa tenang sabari ninggali kaendahan di tebas ku ngadalingdingna angin..
Tempat ieu ayana di desa taman jaya, jalur ti sukabumi mah. Tah kieu=
Sukabumi-panggeleseran(belok kiri)-bojonglopang(lurus)-lengkong-kiara dua(lurus)-waluranBelok kanan)-mareleng(belok kanan)-ciletuh(jamatan)-tamanjaya(belok kiri)-panenjoan.tah mun ninggali dina map Google tempatna.
]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar