Selamat Datang

(Wilujeung Sumping)

Riungan Mahasiswa Sukabumi (RIMASI) adalah sebuah wadah bagi para mahasiswa sukabumi yang sedang kuliah di daerah jakarta, untuk mempererat tali silaturahmi dan saling berbagi dalam berbagi hal tentang masalah-masalah yang ada di sukabumi maupun yang bersangkutan tentang mahasiswa yang sedang belajar di berbagai universitas yang ada di daerah jakarta



Rabu, 23 Mei 2012

Proses manajemen dina organisasi



Proses dina manajemen nyaeta cara anu geus ka sistem pikeun ngalakukeun salah sahiji hal.
1.       Ngarencanakeun (planing)
Disa sagala pilampahan dina organisasi pasti aya rencana supaya urang teu asal milampahna. Dina ngareuncanakeun kagiatan biasana ngagunakeun 5 W + 1H
What : kagiatan naon nu arek di lakukeun?
Why : Kunaon urang kudu ngayakeun kagiatan nu keur direncanakeun?
When : iraha kagitan teh arek dilaksanakeun nana?
Where : dimana tempat pelaksanaan kagiatan na?
Who  : Saha nu jadi panitia / peserta na?
How  : Kumaha tehnis kagiatan nana supaya lancar?

2.       Ngaorganisasikeun(Organizing)
5 prinsip
a.       Ngabagi pagawean
b.      Hiji parentahan (unity of command) nyaeta hiji prinsip dimana bawahan na mung taunggung jawab ka hiji atasan
c.       Kawenangan, kakuasaan, jeung tanggung jawab
d.      Ngendalikeun  bawahan (span of control)
e.      Ngelompokeun kagiatan jeung fungsi di handapeun hiji koordinasi (Departementalisasi)

3.       Pangarahan (Actuating)
                Proses ngarahkeun jeung ngamotifasi anggota organisasi(kader) ngarah kana tujuan organisasi, kaasup dina nyiptakeun suasana anu ngadukung, ngabimbing jeung jadi conto pikeun anggota (kader) dina milampah pagawean.
4.       Pangawasan (controling)
Pikeun nganyahokeun kagiatan/pagawean tah jalan atawa henteu bisi aya nu kaluar tina rencana awal. Jadi dibutuhkeunkoreksian jeung evaluasi. Pangawasan ini dipilampah pikeun ningkatkeun pagawean nu bakal datang.


Unsur manajemen organisasi
1.       Sumber daya manusia (kamampuan anggota na)
2.       Modal (anggaran, fasilitas, infrastruktur)
3.       Metode (cara pikeun migawe pilampahan)
4.       Target/sasaran (kudu jelas sasaran kagiatan na)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar